Page:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/34

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has been validated.
30
  1. Watara sarěrěh boedak, ki mas Kěrtasana indit, si Karama hantě tinggal, asoep kadajěh Kadiri, parěng éta ti pěting, gědé angin hoedjan riboet, powék kabina-bina bangsat pada soeka-ati, Kērtasana gěs natas bilik imahna.
  2. Sarta gěs asoep ka kamar, arék njokot pěti doewit, ki mas Partasana tibra, saréna kawanti-wanti, doemadakan aja andjing, di kolong ěkěr ngaringkoek, ngadéngé sora djalma, di loehoer ngagoesoer pěti, andjing hoedang ngagogog djéng loeloempatan.
  3. Ki mas Partasana goegah, kabarabiñan koe andjing, kagét toeloej singkil dangdan, bidjil bari njaboet kěris, garwa midangdam nangis, di boemi roesoeh tagiwoer gantjang si Krama loentjat, marěman damar djěng lilin, soepajana oelah katéndjo běngětna.
  4. Si Krama matěk kerisna, ngabongohan ti noe boeni, gětjos něwěk Partasana, mas Partasana djoempalik, njimas adjěng ngadjěrit, djadi goejoer salělěmboer, éjar anoe midangdan, noe ngaděgděg wara-wiri, pada mawa pakarang kěris djěng toembak.
  5. Mawa obor mawa damar, pada ěnggěs taki-taki, Kěrtasana djěng si Krama, ngamoek ngoewak-ngawik kěris.